Contoh Drama Bahasa Sunda Untuk 7 orang
Aya
hiji jalma nu kaitung bageur nu namina julfa amruloh, hiji poe jalma eta
papanggih jeung babaturan lila nu kaitung baong
Julfa :
eh lur kamana wae? Meni tara panggih, dimana ayeuna the?
Dede :
aya weh di kobong
Julfa :
eh sing baleg atu lur ditanya the kamana wae
Dede : nya
atuh ayeuna mah baleg, urng mah ayeuna teh keur ngakos di gegerkalong
Julfa :
iraha atuh ngajak urang ka kosan maneh?
Dede :
hayu ayeuna oge
Julfa :
hayu atuh
Pas
Julfa jeung Dede rek ka kosan di jalan
papanggih jeung barudak Dede
Dede :
keur naraon naraon maneh
Fahri :
biasa nongkrong
Aldi :
rek kamana maneh?
Dede :
rek balik ka kosan
Away :
ah teu ngajak-ngajak
Dede :
hayu atuh
Aldi :
hayu natuh di dieu oge bosen
Pas
nepi di kosan Dede, julfa olohok sabab di kosan Dede loba cangkang roko, botol
inuman keras, jeung cangkang su”uk
Away :
tah euy aya roko ngan saeutik deui
lumayan jeung ayeuna mah cukup
Aldi :
tah kieu.., lain tatadi
Fahri :
sok jul rek udud tong era-era anggap weh geus wawuh lila
Julfa :
ah moal da abdi mah tara
Aldi :
piraku geus sageude badag tara ngaroko, urang ge nuleutik sok
ngaroko
Julfa :
ah sok weh moal
Kusabab
geus sore julfa can bebeja ka bapana julfa balik kaimah, bisi bapana
hariwangeun
Julfa :Assalamualaikum
Candra :
waalaikum’ssalam, timana wae a?
Julfa : ti bumi rerencangan
Engkus :
timana wae maneh karek balik wayah kieu?
Julfa :ti kosan rerencangan pa
Engkus :tong
di biasakeun balik sore-sore teuing
Julfa : nya geus gera mandi terus
sholat
Enjingna julfa sareng candra angkat ngaos ka teun
ustad ihsan
Candra :
assalamualaikum
Ihsan :
wa’alaikmssalam, mangga lebet, sok ayeuna hanca sabarahaeun
Julfa : al_ikhlas seun pa
Ihsan : sok baca
Julfa_candra:
(maca qur”an)
Sa tos
ngaji julfa jeung candra langsung uih ka bumi, di jalan julfa papangging jeung
aldi babaturan dede
Aldi : geus timana zul
Julfa : tos ngaji
Aldi : hari gini ngaji, geus teu
zaman
Candra :
a saha eta? (ngahareos)
Julfa : rerencanmgan aa
Candra :
oh…..
Aldi : naha bet hahareosan kitu?
Julfa : heunteu ah..
Aldi : hayu atuh urang ka kosan dede
Julfa : nya, engke abdi nyusul kaitu
Aldi : nya atuh nyusul weh kakosan
Sanggeus
nganteur keun adina ka imah, julfa buru-buru indit ka kosan dede. nepi ka kosan
dede jiga biasana didinya keur ngararoko.
Julfa : assalamualaikum
Away : eh.. geus dating sok kajero
Aldi : jul mawa duit teu
Julfa : mawa, jang naon duit?
Aldi : jang meuli dahareun
Julfa : oh.. nya iyeu atuh
Away : jig atuh rig era meuli, yeuh
duitna geus aya
Fahri : huuh atuh mana
Fahri
buru-buru ka warung meuli roko jeung inuman keras, pa sgeus meuli fahri gancang
balik deui ka kosan dede
Fahri : tah barudak geus meuli
Aldi : alah gera dibuka atuh
Dede : sabar-sabar, tah zul bagean
maneh
Julfa : naon iyeu?
Fahri : cobaan weh atuh udud
Aldi : heu euh atuh dea ngeunah udud
the
Julfa : cik atuh nyobaan. (batuk)!!,
naon ieumah teungeunah asa haseup
Fahri : iyeu atuh nginum heula
Julfa : cai naon iyeu?
Aldi : cobaan weh tong loba ngemeng
Pas
ngasaan eta cai, karek saeutik geus
langsung karasa lieur. Tapi julfa terus nginum nepi ka mabok da
katagihan tea. Sa geus mabok julfa balik ka imah bari teu sadar jeung ngomong
na ngalantur, nepi di imah jufa keketrok
Julfa : pa..pa..
Engkus :
kela sakedap
Julfa : terehan atuh maneh
Engkus :
naon maneh mabok?
Julfa : henteu
Engkus :
eta panon beureum, leumpang gegeleongan
Julfa : iyeu nembe nginum anggur merah
(MA)
Engkus :
maneh mah geus di ajar mabok, tampiling gera kuurang
Pas
bapa na ngomong geblug the si julfa pingsan terus di bawa ku bapana ka kamar.
Isuk-isuk
julfa sadar, julfa bingung naha manehna bet aya di kamar, padahal kamari aya di
kosan dede. Julfa nanya keun ka bapana
Julfa : pa naha abdi bet aya di kamar,
pan kamarai abdi aya di kosan
rerencangan?
Engkus : naha maneh teu inget kamari teh
maneh mabok, diajar nu kitu awas lamun sakali
deui kitu tampiling kuurang
Julfa : muhun pa
Siangna julfa di piwarang bapa na meser
uyah ka warung, di jalan julfa ningalian barudak si dede
keur narongkrong sabari ngararoko, barudak si dede ngagoroan si julfa
Fahri : zul… zul…. Kadieu
Julfa : aya naon?
Fahri : Kalem didieu heula urang nongkrong
Julfa : ehhh urang teh di titah ku bapa urang meuli uyah
ka warung
Away : ah kalem weh da moal matak paeh eweuh uyah mah
Aldi : nya sia teh ngaroko helua didieu meungpeung si
dede keur loba duit
Dede : he euh yeuh rokona, yeu bengsina
julfa : kumahanya….. sok atuh mana
Dede : yeuh..
Julfa jonjon wae ngroko teu
sadar bapa na neangan ka warung, pas nepi di warung bapana ningali si julfa
keur ngaroko jeung barudakna
Engkus : jufa.. julfa.. kadieu sia
maneh, ari maneh teu meunang diomongan. Kamari mabok ayeuna ngaroko rek jadi
naon maneh, meunggeus tong balik deui kaimah sia
Julfa : apun pa..
Engkus : pokonamah maneh ulah ninjak
imah bapa deui titik
Si jufa di
usir tiimah ku bapana